pek teangan cangkang sisindiran anu isina ...................................... ...................................... mun diajar ukah bangor bisi katinggaen b
B. Daerah
lianwi1diaa7prinbatl
Pertanyaan
pek teangan cangkang sisindiran anu isina ...................................... ...................................... mun diajar ukah bangor bisi katinggaen batur
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sisindiran teh mangrupa salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk atawa papatah, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu nyaeta rumpaka sabait sisindiran anu dimaksud anu lengkep cangkang jeung eusina :
Mun jalan-jalan ka Bogor
henteu perlu mawa kasur
Mun diajar ulah bangor
bisi katinggaleun batur
Sisindiran anu diluhur teh mangrupa sisindiran paparikan anu eusina ngeunaan piwuruk. Dina sapada sisindiran paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada sisindiran wawangsaln aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasanya aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang atawa sampiran jeung aya bagean anu disebut eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang atawa sampiran, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.
Umpama dina sastra Indonesia atawa sastra di daerah Nusantara lianna, sisindiran rek sarua atawa siga pantun, sanajan pantun rada beda jeung sisindiran, saperti dina jumlah engang dina pantun mah sok aya anu leuwih ti dalapan engang. Dina pantun oge henteu aya rupa-rupa pantun saperti paparikan, rarakitan jeung wawangsalan nu aya dina sisindiran.