B. Daerah

Pertanyaan

Naon bedana wangun lancaran jeng ugeran

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan jeung Carpon
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Karya sastra dina wangun lancaran sok disebut oge prosa. Sedengkeun karya sastra dina wangun ugeran sok disebut oge puisi. Anu ngabedakeun wangun lancaran jeung wangun ugeran nyaeta yen kekecapan anu aya dina wangun lancaran mah wangunna bebas, sedengkeun kekecapan anau aya dina wangun ugeran mah dibatesan ku jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal bait.

    Salian ti eta, kekecapan anu aya dina wangun lancaran biasana miboga harti anu jelas, anu ngarang dina wangun lancaran ngupayakeun sangkan kekecapan anu aya jelas jeung langsung kaharti ku anu macana. Sedengkeun kekecapan anu aya dina wangun ugeran biasana miboga harti anu samar-samar atawa kurang jelas, saperti miboga hari konotatif jeung denotatif, anu ngarang dina wangun ugeran oge memang sok biasa nyamarkeun harti anu aya dina unggal kecap.

Pertanyaan Lainnya